Kumpulan Tulisan OO Hanafiah, M.Ag

loading...

Monday, July 2, 2018

Biantara Dalam Penyerahan Calon Pengantin (Bahasa Sunda)


PENYERAHAN

Assalamu'alaikum Wr.Wb.
Langkung tipayun simkuring manjatkeun Puji Syukur kanu Maha Agung , Puja kanu Maha Kawasa Alloh `Aza wazala, oge Puji ka ilahi robi gusti nu Maha Suci. Teu aya basa anu langkung utama lintang ngedalkeun syukur ngucap kalimah Alhamdulillah muji kana kaagungan Alloh. Wirehing dina sa'at anu utama, langit lenglang poe caang, rasa sarta pikir wening, tiasa patepung lawung paamprok jonghok anu sami maksadna dina upacara maheutkeun janji dua insan ciptaan gusti, nyangcang kanyaah anu tos sumarambah kana bayah, kalayan Alhamdulillah aya dina hirup hurip nudi harep bagja sadayana.
Solawat miwah salamna mugia tetep dilimpah curahkeun ka Junjunan alam Habibana Wanabiana Muhammad SAW., Ka kulawargina ka Para sahabatna, oge ka sadaya Umatna anu sami taat kamantena ti awal dugi ka Yaumil Akhir.
Ngahaturkeun,nuhun ka pangatur waktu pangjajap acara, anu mana anjeuna parantos masihan waktos kasimkuring kanggo ngadugikeun naon ¬naon hal anu dimaksad pangna dina danget ieu  tara-tara tisasari simkuring sakulawargi ngabring bari garinding anu sapalihna aya anu ngajingjing-,--ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut bari sapalihna naranggeuy saur pari paos. Teu aya sanes atuh simkuring kawakilan ku .................... sakulawargi, pangna dongkap ka ieu tempat teu aya sanes pamaksadan anu ka hiji nyaeta seja nyambungkeun tali silaturahmi arni mudah-mudahan ku ngalangkungan walimatul `Arus atanapi walimatun nikah ieu tali silaturahmi urang tambih pageuh , tambih raket , tambih seueur batur tambah loba baraya. Oge sing langkung kiat hubungan ukhuwah fidunya wal akhiroh. Mudah — mudahan silaturahmi urang ieu aya dina makbulna anu maha kawasa. Amlin Ya Robbal `Alamiin.
Hadirin anu sami hadir...
Anu salajengna, nyaeta wirehna   anu wastana............... dina danget ieu anjena geus cunduk kana waktu anu tangtu sarta rahayu, nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa anu waluya sarta anu utama, anjena hoyong dijajap ku kulawarga bade nyumponan sapalihna ajaran agama nyaeta nikah anu disebatna. Anjena dina danget ieu parantos gilig ati leah manah, bade nutupkeun tina mangsana lelengohan kana laki rabian, tina mangsa nyorangan kana duaan, tina mangsa bubujangan kana kulawargaan rimbitan. Nya dina danget ieu pisan anjena hoyong kasaksi ku palawargi sareng tatanggi anjena hoyong laki rabi nyumponan parenatah gusti nu maha suci.
Namun dina hal ieu , simkuring sakulawargi dina ngajajapkeun ieu ingkang rai henteu disarengan kucacandakan anu sakumaha kedahna, mung dalah alakadarna, ieu teh sanes bae bade ngahinakeun ka kulawargi di dieu, khususna kasepuhna calon panganten istri. Sanes bae teu hoyong cacandakan anu sae, namun mung sakieu kagaduhna, henteu tiasa diaya¬aya da kusadayana oge katingal nemrak teu tiasa ditutup-tutup, mung sakitu buktosna. Ieu mah mung tambi Iumayan tambi lengoh. Manawi katampi ku kulawargi di dieu mangga nyanggakeun.
Oge dina hal ieu sajabi ti eta simkuring ngadugikeun wirehna ieu....... teh sepi tina sagala pangarti tuna tina sagala pangabisa, kukituna sihapuntena kasadaya keluwargi di dieu tina sagala rupi kakiranganana nu dipalar ku simkuring nyaeta bimbingan bae ti sadayana.
Hadirin anu sami hadir   
Pamaksadan simkuring anu Iangkung utamina nyaeta simkuring bade masrahkeun .............. ka para sepuh didieu nyaeta hususna ka sepuhna calon panganten istri, pang nikahkeun sing sakumaha mistina. Anu mudah-mudahan saupami parantos ditikahkeun anjena dijadikeun kulawarga anu bahagia oge aya dina kulawarga anu sakinah mawaddah oge warohmah.
Oge wabil husus ti simkuring ka calon panganten istri, nyanggakeun a ......... ti luhur sausap ketu tihandap sausap sapatu, oge anjena henteu lengoh ti tengah-tengah nyandak anu siga mutu anu upami kadempet osok bitu, anu hipu kawas tahu teas lain batu anu kitu karesep ibu-ibu tapi aku malu mengatakan itu.
Oge ka hidep,      Bral bageur ayena anjen geura ngambah bahtera rumah tangga Mamah jeung Bapak sakulawraga ngajajap ku do'a mudah-mudahan hidep aya dina kabagjaan, kajembaran lahir batin dunya rawuh akherat. Pangjajap tikulawarga mudah-mudahan aya makbul anu maha kawasa Amiin ya Robbal `alamiin.
Mung sakitu panginten anu di maksad ku simkuring sakulawargi, pamugi ulah kirang — kirang ngahapunten tina sagala rupi kakirangan nana kirang tata kirang titi duduga peryoga bobot sapanon carang sapakan hapunten anu kasuhun neda jembar pangampuran.
Wassalamu'alaikum Wr.Wb.

Related Posts

No comments on Biantara Dalam Penyerahan Calon Pengantin (Bahasa Sunda)

Post a Comment