Kumpulan Tulisan OO Hanafiah, M.Ag

loading...

Tuesday, June 12, 2018

Khutbah Jum'at Bulan Syawwal 1439 H/ Juni 2018 dalam Bahasa Sunda



Hadirin Sidang Jum’ah Rohimakumulloh

Sabadana manjatkeun puji syukur kanu Maha Agung shalawat sareng salam ka panutan Agung Kanjeng Nabi Muhammad saw, ka kulawargina, ka para sahabatna, oge ka umatna tiawal dugi ka Yaomil Akhir Amiin Yarobbal’alamiin.

Hadirin Sidang Jum’ah Rohimakumulloh

Dina dinten ieu urang sadaya aya dina sasih Syawwal, saba’da sasasih Ramadhan urang sadayana saum sareng ngabersihan diri. Sawwal anu nembe medal, dintenan boboran siam, hiji dinten anu mulya dinten kabungahan umat Islam. Ku mulyana ieu dinten sanes umat Islam wungkul anu kenging untung, malah bangsa deungeun oge kabawakeun untung, malah untungna luar biasa. Tapi eta kauntungan teh ngan dunya wungkul, lahirna wungkul. Kusabab kitu ku urang umat Tauhid, umat Islam anu nyekel al-Quran jeung Sunnah Rasul, sasih Syawwal ieu peryogi digunakeun sangkan tiasa jadi kauntungan lahir batin, dunya rawuh akhirat.

Hadirin Sidang Jum’ah Rohimakumulloh

Manga urang aji sareung uji rahasiah tanggal hiji Syawwal. Dongkapna tanggal hiji Syawwal teh  ku sampurnana bulan Ramadhan, saba’da urang sadaya saum sabulan anu samata-mata karana Alloh. Urang peryogi syukuran ka Alloh rehna dikiatkeun ngalakonan ibadah saum sabulan, kalayan sehat walafiat. Dintenan hiji Syawwal ku urang sadaya jadikeun dintenan syukuran bisa nyumponan zakat fitrah jeung zakat-zakat sejena. Syukuran ku bisa silaturahmi jeung para sepuh, guru-guru jeung dulur-dulur, syukuran bisa menta hampura jeung mere hampura ka sasama manusa.

Hadirin Sidang Jum’ah Rohimakumulloh

Salami sasasih urang ngalaman latihan jasmani sareng ruhani anu istimewa, mudah-mudahan tiasa kapeutik buahna jeung kauntungannana. Salami sabulan urang geus sanggup merangan pangjurung nafsu, mudah-mudahan bisa jadi modal pikeun mangsa anu sabelas bulan anu bakal datang.
Hadirin Sidang Jum’ah Rohimakumulloh
Ayeuna urang hirup, enjing geto urang tangtu kudu mulih ngalih ka alam akhirat. Sumangga sukmajaya anu kaya ku rasa jeung pangabisa teh  eusian kujawaban-jawaban anu timbul tina pertanyaan di handap ieu :

1.    Awak teh asal timana, jeung lahir ka dunya teh  kahayang saha ?
2.    Kalawan tugas naon awak hirup di alam dunya teh  ?
3.    Engke dimana awak ninggalkeun dunya rek kamana ? rek balik kasaha?
4.    Engke dimana balik ti dunya naon nu rek dibawa?
Manga eta patarosan anu opat perkawis urang jawab ku jawaban anu jitu anu aya hartina jeung faidahna, anu mawa parobahan sarta aya manfaatna. Upama urang tadina ngeudul ayeuna kudu jadi daekan, anu tadina koret ayeuna kudu jadi berehan, ayena keudah sering gaul sareng jalmi-jalmi anu saroleh, ayeuna geura ngawitan ngariung dina majlis elmu jeung dina jalan kahadean.
Alloh swt parantos ngadawuh : dina Quran Surat Al-Maidah Ayat : 9 :


“ Alloh ngajangjikeun ka jalma-jalma anu ariman tur nu ngalampahkeun amal-amal soleh, pikeun maranehna pangampura jeung ganjaran anu kacida gedena.”
بارَكَ الله لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هذا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ















Related Posts

No comments on Khutbah Jum'at Bulan Syawwal 1439 H/ Juni 2018 dalam Bahasa Sunda

Post a Comment