Kumpulan Tulisan OO Hanafiah, M.Ag

loading...

Monday, June 4, 2018

TIPS MEMASAK ( Bagi Ibu-ibu Rumah Tangga) - Dalam Bahasa Sunda

Tips kangge ibu ibu nu resep di dapur mangga nyanggaken ieu pangalaman sim kuring

IBU-IBU WAJIB UNINGA.
Tips sabudeureun dunya perdapuran
1. Supaya endog nu meunang ngulub teu hese dipesekna, ulah poho anclomkeun endog nu anyar nyait eta kana cai es.

2. Supaya cabe teu bebeletukan/nyepret waktu digoreng, samemehna tojosan ku peso.

3. Waktu ngumbah kangkung, saladah, genjer sarta sayuran nu lianna, nu hirup dina cai, waktu ngumbah nu kahiji, caina tambahan ku uyah sasendok, keueum sakeudeung, terus dikumbah saperti biasana. Maksudna supaya sato-sato leutik sabangsaning hileud, cacing, keong, lentah nu hobi nongkrong dina gagang sayuran paeh. (brokoli jeung kembang kol ge sok aya hileudan, bisa dikumbah saperti kitu).

4. Sangkan tahu leuwih awet waktu disimpen, kumbah heula sing beresih, terus banjur ku cai panas, tuuskeun ku tissue, wadahan kana wadah nu rekep tutupna (tupperware, upamana), simpen na kulkas. In Sya Allah kuat tepi ka saminggu.

5. Pikeun ngetes endog buruk henteuna, asupkeun kana cai. Lamun endog ngalayang na jero cai nepika ngambang, tandana endog geus buruk.

6. Waktu ngocok endog keur nyieun kueh, endog nu dipake kudu nu disimpen dina suhu ruang, lain nu anyar kaluar tina kulkas, lantaran endog nu tina kulkas ngajadikeun adonan gagal.

7.  Lamun nyimpen sayuran na kulkas, ulah dibungkus ku plastik atawa kantong keresek, tapi gunakeun koran atawa majalah. Supaya teu aya cai "ibun" nu ngabalukarkeun sayuran tereh buruk.

8. Pikeun ngurangan/ngaleungitkeun bau dina kulkas, beulah kentang, simpen dina rak kulkas. Kentang bisa nyeuseup/nyerep bau dina kulkas.

9. Supaya lauk teu rapet waktu digoreng, gunakeun katel husus keur ngagoreng. Ulah ngagoreng lauk dina katel nu mindeng dipake numis, sabab pasti lauk bakal rapet jeung ancur waktu dibalikeun. Bisa oge, katelna dipulasan uyah saeutik, saacanna dipake ngagoreng.

10. Keur ngaleungitkeun rasa panas dina leungeun akibat lila teuing "kontak" jeung cabe atawa sambel, kumbah leungeun make sabun tepi ka 2 - 3 kali, terus dielap. Bebeskeun leungeun kana beas bari dirames-rames. Dijamin rasa panas bakal leungit.

11.  Supaya panon teu peurih waktu mesekan bawang beureum, teundeunan wadah uyah disagigireun talenan. In Sya Allah sanggup ngaleungitkeun rasa peurih na panon.
I
12. Supaya beas teu kutuan, teundeunan bungkusan kopi bubuk nu ditojosan sangkan aya liangan. Kutu beas "teu resepeun" bau kopi, jadi beas bebas kutu.

13. Lamun peralatan masak geus rumeuk lantaran noda tina bumbu nu aya warnaan, saperti koneng, atawa panci nu mindeng dipake naheur cai jadi koneng, soda sasendok, caian saeutik, gosok-gosokeun kana panci, antep sakeudeung, kakara dikumbah.

14. Supaya daun gedang jeung paria rasana teu pati pait waktu diasakan, hadena sateuacana ditumis, dikulub heula dina kuluban daun jambu kulutuk. Carana golakeun cai, asupkeun daun jambu sababaraha lambar, sanggeus ngagolak deui, asupkeun daun gedang atawa paria, antep heula, kakara seuneu dipareuman. Terus tuuskeun. Saterusna dipasak.

15. Supaya tempe teu tereh buruk, ulah diteundeun deukeut jeung uyah.

16. Lamun nunda daging dina freezer daging teu meunang mindeng kaluar asup, lantaran bakteri bakal tumuwih nyaliara. Sahadena potong-potong daging sakumaha perluna waktu masak, asupkeun kana plastik sewang-sewangan, jadi waktu rek diasakan, cukup nyokot saperluna.

Muga-muga aya mangpaatna..

Related Posts

No comments on TIPS MEMASAK ( Bagi Ibu-ibu Rumah Tangga) - Dalam Bahasa Sunda

Post a Comment